DONGENG MAOK JAMBU
Hiji peuting, si Adul jeung si Ucup keur mupu jambu, dina tangkalna nu aya di gigireun imah Lurah 🌳
Bubuhan jambuna leubeut, sarung si Adul anu ditalian tungtungna téh - hampir pinuh ku jambu.
Kulutrak jandela kamar muka,
_"Saha éta di luar"_ ceuk Lurah - anu harita can saré.
Gajleng... beretek.... si Adul lumpat bari manggul gembolan sarung anu pinuh ku jambu, dituturkeun ku si Ucup.🏃♂️🏃🏿♂️
Lurah anu sadar - yén jambuna aya anu maling, buru2 kaluar..... terus ngudag.
Ari si Adul jeung si Ucup, kaburna teh ka astana. Éta astana teh, dibénténg sakurilingna, ukur aya hiji lawang asup, mangrupakeun gerbang - maké gapura, tapi teu ditutupan ku pager.
Kusabab rusuh, 2 jambu ragrag deukeut lawang kuburan.
_"Dul, jambuna ragrag dua !"_ Ceuk si Ucup.
_"Keun weh antep, ke dicokotna mun geus aman"_ jawab si Adul bari metot leungeun si Ucup, terus duanana luncat asup kana lombang rada jero - anyar ngagali.
Di jero lombang si Adul jeung si Ucup babagi hasil.
_*"tah maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji"*_
Lurah anu karék nepi ka eta tempat, ngarandeg, sabab ngadéngé aya sora tina jero taneuh...
_*"maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji.."*_
Rey...... bulu punduk Lurah muringkak,
_"boa².... éta sora Malaikat anu keur babagi tugas nyabut nyawa"_, gerentes lurah - bari ngabecir balik 🏃🏼♂️
Di jalan, Lurah panggih jeung WaHaji - anu karék balik ti Masjid.👳♂️🚶🏻♂️
_"Lurah ! Aya naon silaing lulumpatan tengah peuting kieu, kawas anu keur diudag jurig waé"_.👻
_"Di kuburan aya sora Ji, tapi teu katembong jirimna"_ ceuk Lurah hariweuweus.
_"Ah bohong silaing mah, hayu urang tempo"_, ceuk wa haji, bari ngagidig ka makam dituturkeun ku Lurah.
Karék ge tepi lawang kuburan, wa haji ngaradeg - sabab nyata eta sora téh, kadéngé oge ku manehna.
_*"maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji.."*_
_"Nya... ceuk uing ogé ji, eta pasti sora Malaikat, keur babagi tugas nyabut nyawa"_ ceuk Lurah.
Wa haji terus ngadepong hayang leuwih jelas ngadéngékeun eta sora, Lurah oge sarua. Duanana panasaran.
Masih kadéngé eta sora ti jero taneuh,
_*"maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji, maneh hiji uing hiji.."*_
Ahirna, bérés tah anu babagi jambu, terus jempling...
Ngan teu lila, kadéngé deui sora : _*"Terus ari itu anu 2 deui, nu aya dina lawang kuburan, bagean saha? Keur urang atawa keur maneh ?"*_
Ngadenge kitu - naa.. atuh eta wa haji jeung lurah, langsung cengkat, terus ngabecir lumpat 🏃🏼♂️🏃🏼♂️
Malah si lurah mah bari ngagorowok _"aing betah keneh hirup..pek we nu maca sina ti heula...!!."_😜😜
Wilujeng wayah kieu luur😂
Komentar
Posting Komentar