Sisindiran Sunda - Tatang Sumarsono
SISINDIRAN BANDUNG
(tawis ngiring bingah, milangkala Kota Bandung ka-213)
Cikapundung nunjang ngidul
geus limpas caina malik
ka Bandung teu weléh ngabrul
geus betah mah sungkan balik
tangkal randu di astana
di Sirnaraga geus sidik
Bandung gegek pangeusina
kosongna mun usum mudik
sisindiran, éta sisindiran
kamonésan urang Sunda — adeuh
nu ngupingkeun, éta nu ngupingkeun
entong gancang kaisinan — heuheuy
ngalangkung ka Cipaéra
rék nyimpang ka imah sobat
Bandung gaduh balaréa
sanés kagungan pejabat
mahoni reujeung angsana
dipelakna di Cisokan
mun kota tartib ngaturna
moal timbul pasirikan
sisindiran, éta sisindiran
heureuy lantip urang Sunda — adeuh
najan heureuy, éta najan heureuy
sok saluyu jeung buktina — heuheuy
**
Komentar
Posting Komentar