Perbedaan Tere jeung Sambung

 TÉRÉ JEUNG SAMBUNG

Tatang Sumarsono

Sesebutan téré anu larapna kana indung téré, bapa téré, atawa anak téré, ayeuna mah sok robah jadi sambung (ungkarana: indung sambung, bapa sambung, anak sambung). Pangna kitu téh duméh kecap sambung dianggap leuwih nyopan tur henteu nerag batan kecap téré. Leuwih genah mireng kecap anak sambung batan anak téré.

Padahal dina basa Sunda aya kecap anu dianggap sasaruaan téré, nyaéta sampeuran, tur karasana henteu nerag (indung sampeuran = indung téré; bapa sampeuran = bapa téré; anak sampeuran = anak téré). Atawa mun rék dilemeskeun alias ngagunakeun ragam hormat, kecap téré téh bisa diganti ku kawalon (ibu kawalon = indung téré; rama kawalon = bapa téré; putra kawalon = anak téré).

Nya da ari basa mah milik masarakat. Mun leuwih loyog ngagunakeun kecap sambung batan téré, éta mah dina émprona kari kumaha ceuk balaréa waé. Najan saenyana gejala basa kawas kieu téh ulah diabur sakarepna, da kudu dipatéahkeun ku pihak nu boga wewenang (boh instansi boh lembaga). Ayeuna mah apan rarandaan atawa éwé randa gé sok digaranti ku single parent.

Komentar

Postingan Populer